Hakekat Sintaksis - Basa Sunda di SD

Hakekat Sintaksis

    Sacara etimologi, kecap sintaksis asalna tina basa Yunani, sun anu hartina babarengan jeung tattien anu hartina nempatkeun. Istilah sintaksis dina basa Walanda syntaxis, dina basa Inggris digunakeun istilah syntax. Jadi sacara etimologi etimologi sintaksis sintaksis téh hartina hartina ‘nempatkeun kecap-kecap babarengan jadi kantétan-kantétan kecap sarta kantétan-kantétan kecap jadi kantétan kalimah’ (Prawirasumantri, 2000: 1).

Wangenan Sintaksis

- Sintaksis nya éta bagéan tina élmu basa nu medar ngeunaan wacana, kalimah, klausa, jeung frasa (Ramlan, 1986:21). 

- Sintaksis téh nya éta salah sahiji cabang tina tata basa nu medar adegan –adegan kalimah, klausa, jeung frasa (Tarigan,1984:6). 

- Sintaksis téh nya éta tata basa anu medar hubungan antakecap dina ungkara (Chaer, 2001: 161). 

- Sintaksis téh nya éta bagian tina tata basa anu maluruh jeung medar susunan kalimah katut babagianana. Éta sababna sintaksis téh sok disebut tata kalimah Sudaryat (1985: 74).

    Cindekna sintaksis téh nya éta salah sahiji cabang tina tata basa anu ngulik, maluruh, jeung medar frasa, klausa, kalimah, jeung wacana katut patali gramatik antarkonstruksina.

Fungsi Sintaksis nyaeta sabangsaning “kotak-kotak” atawa tempat-tempat dina adegan (struktur) sintaksis nu di jerona bakal dieusikeun kategorikategori kategori nu tangtu (Verhaar, (Verhaar, 1978 dina Chaer, 2009:20). Eta “kotak-kotak” teh ngaranna jejer (subjek), caritaan (predikat), udagan (objek), panglengkep (komplemen), jeung katerangan (keterangan).

Kategori sintaksis nyaeta warna atawa tipe kecap atawa frasa nu ngeusian fungsi -fungsi sintaksis (Chaer, 2009:27).

Peran sintaksis nyaeta hubungan antara kategori fungsi sintaksis nu hiji jeung fungsi sintaksis nu sejenna (Chaer, 2009:30). 


Satuan dina Sintaksis

1. Frasa, nyaeta konstruksi gramatik anu mangrupa pangdeudeul kalimah, diwangun diwangun ku dua kecap atawa leuwih, leuwih, sarta nyicingan hiji fungsi dina klausa atawa kalimah

Ciri-ciri Frasa :

- Konstruksi gramatik anu mangrupa pangdeudeul kalimah,

- Diwangun ku dua kecap atawa leuwih,

- Nyicingan hiji fungsi dina klausa atawa kalimah

- Teu predikatif

Tipe Frasa

a) Frasa Endosentrik, nyaéta frasa anu mibanda unsur puseur sarta dina distribusina mibanda fungsi anu sarua jeung salah sahiji atawa sakabeh unsurna. Dina frasa endosentrik nyaeta :

- Frasa Apositif : frasa anu unsur-unsurna satata nepi ka bisa siligenti. Unsur puseurna sarua, sarta unsur nu kadua sakaligus mapakan (jadi oposisi) pikeun unsur nu kahiji. Conto: Dudung, lanceuk kuring, keur kuliah di kota.

- Frasa Atributif : frasa anu puseurna ngan hiji atawa dina distribusina ngan mibanda fungsi anu sarua jeung salah sahiji unsurna. Conto : Lanceuk kuring rek ujian poe isuk.

- Frasa Koordinatif : frasa anu unsur-unsurna satata sarta bisa diseselan ku kecap panyambung satata (koordinator) atawa, boh…boh…, jeung. Conto: Kuring atawa anjeun nu salah téh?

- Frasa Objektif : frasa anu unsur kadua mangrupa panglengkep unsur nu kahiji nu mangrupa kecap atawa frasa pagawean. Frasa objektif ngan bisa nyicingan fungsi jejer wungkul dina klausa/kalimah, teu bisa dilarapkeun kana fungsi sejen. Conto: Nginum susu gede gunana pikeun kasehatan.

- Frasa Konektif : frasa anu unsur kahijina mangrupa panyambung (konektor) anu nyambungkeun unsur kaduana nu mangrupa caritaan, kana jejer kalimah atawa klausa. Conto: Adina jadi guru.

b) Frasa Eksosentrik : frasa anu teu mibanda unsur puseur; ku kituna, dina distribusina hentu mibanda fungsi nu sarua jeung sakabeh unsurna. Dina frasa eksosentrik nyaeta :

- Frasa Eksosentrik Pangantet

- Frasa Eksosentrik Panyambung

- Frasa Eksosentrik Gaganti Panyambung


2. Klausa, nyaeta konstruksi gramatik anu diwangun ku jejer jeung caritaan (anu mangrupa unsur inti) dibarengan atawa henteu ku udagan, panglengkep, atawa katerangan. 

Ciri ciri klausa :

- Mangrupa konstruksi gramatik anu ngeusian leunjeuran kalimah; klausa salawasna aya dina kalimah.

- Mangrupa wangun predikatif, nya eta aya tatali jejer jeung caritaan. 

- Unsur inti anu mangrupa jejer bisa dileungitkeun tina wangunanana kalawan henteu ngarobah harti sagemblengna.

- Bisa ditambahan ku unsur udagan, panglengkep, jeung katerangan.

    Sasaruauan klausa jeung frasa katut kalimah nyaéta frasa, klausa, jeung kalimah sarua mangrupa konstruksi gramatik anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih. Bedana, dina hal adegan, klausa mah predikatif, ari frasa mah teu predikatif. Bedana klausa jeung kalimah dina hal lentong. Ari kalimah mah miboga lentong atawa tanda baca, klausa mah henteu.

Tipe Klausa, nyaéta rupa-rupa klausa disawang tina distribusi atawa kalungguhanana dina kalimah, klausa téh dibagi jadi dua golongan, nya éta klausa bébas jeung klausa kauger.

a) Klausa Bebas, nya éta klausa anu bisa madeg mandiri jadi kalimah sampurna. Nurutkeun warna kecap atawa frasa anu jadi caritaanana, klausa bébas dipasingpasing deui jadi klausa pagawéan jeung tanpagawéan. Klausa pagawéan nya éta klausa bébas anu prédikat (caritaanana) mangrupa kecap atawa frasa pagawéan.

b) Klausa Kauger, nya éta klausa anu teu bisa jadi kalimah anu madeg mandiri. Hartina, éta klausa teu bisa jadi kalimah, tapi kudu aya kalimah séjén anu marengan atawa anu jadi panghudangna.

Ciri-cirina nyaeta : (1) klausa kauger salawasna aya dina kalimah ngantét sélér-sumeler, (2) klausa kauger salawasna dipiheulaan kecap panyambung teu satata (konjungsi subordinatif) kayaning: basa, sabab, yén , sanajan, jeung lantaran. Upama kecap panyambungna dileungitkeun, éta klausa kauger téh kalungguhanana robah jadi klausa bébas. (3) Posisi klausa kauger dina kalimah ngantét bisa pindah--pindah, mungkin saméméh klausa utama atawa sanggeusna klausa utama. (4) Klausa kauger dina kalimah ngantét sélér-sumélér saca-ra semantis bisa disuluran ku kecap atawa frasa anu tangtu luyu jeung harti klausa kaugerna. 


3. Wangenan Kalimah

- Hiji bagian basa anu diwangun ku hiji kecap atawa leuwih pikeun ngedalkeun sakurang sakurang-kurangna hiji pamadegan kurangna hiji pamadegan (Wirakusumah, 1969:8).

- Wangun gramatik anu sacara relative bisa madeg mandiri, boh ngandung klausa boh henteu, sarta dipungkas ku randegan panjang anu bianarung jeung wirahma ahir turun atawa naek (Ramlan, 1981:6; Tarigan, 1985:8).

- Wangun basa nu sacara relatif bisa madeg mandiri, nu miboga pola lentong pamungkas jeung diwangun ku klausa (Cook, 1971: 39; Elson dan Pickett, 1969 : 82)

- Wangun sintaksis anu disusun ku konstituen dasar, biasana mangrupa klausa, dilengkepan ku konjungsi upama diperlukeun, jeung dibarung ku intonasi ahir. (Chaer, 2003: 240)

- Wangun basa miwujud kecap atawa runtuyan kecap runtuyan kecap-kecap nu puguh kecap nu puguh adeganana pikeun ngebrehkeun pikiran kalawan gembleng serta diwatesanan ku randegan panjang nu binarung jeung wiarhma ahir turun atawa naek (Sudaryat, 1996:34).

- Wangun gramatik nu maksimal pikeun ngébréhkeun pikiran nu lengkep tina hiji wacana sarta relatif bisa madeg mandiri tur binarung lentong pamungkas turun atawa naek.

Ciri ciri kalimah, nyaeta :

1) Mangrupa konstruksi gramatik (wangun katatabasaan nu miboga harti)

2) Mangrupa wangun basa anu maksimum.

3) Ngabogaan lentong pamungkas turun atawa naek.

4) Relatif bisa madeg mandiri.

5) Mangrupa bagean pangleutikna tina hiji omongan atawa hiji wacana.

Disawang tina unsur klausa anu jadi pangwangunna, kalimah teh bisa diwincik jadi dua rupa, nya eta (1) kalimah salancar jeung (2) kalimah rangkepan.

(a) Kalimah salancar, nyaeta kalimah anu diwangun ku hiji klausa bébas, boh mangrupa klausa pagawéan, boh tanpagawéan. Contona: Manéhna keur saré.

Kalimah salancar aya dua, nyaeta :

- Kalimah salancar basajan, nyaeta kalimah salancar anu diwangun ku bagian galeuh wungkul; diwangun ku hiji jejer jeung hiji caritaan, boh dibarengan objek jeung panglengkep boh henteu. Kalimah basajan basa Sunda mibanda pola dasar anu tangtu.

- Kalimah salancar jembar, diwangun ku hiji jejer jeung hiji caritaan minangka galeuh kalimah, ditambah katerangan minangka bagian panambahna. Caritaan dina kalimah salancar jembar bisa dibarengan ku objek atawa panglengkep bisa henteu. Anu penting dina kalimah salancar jembar nyaeta ayana katerangan. 

(b) Kalimah rangkepan nya eta kalimah anu sakurang-kurangna diwangun ku dua klausa atawa dua kalimah salancar. Sabada dikantetkeun, klausa-klausana aya nu sarua darajatna aya nu henteu. Kalimah rangkepan anu klausa-klausana sadarajat atawa satata disebut kalimah ngantet, ari klausa-klausana anu teu sadarajat disebut kalimah sumeler.

- Kalimah ngantet : kalimah rangkepan nu diwangun ku sakurang-kurangna dua klausa anu sadarajat, tanpa klausa kauger. Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung satata (konjungsi koordinatif).

- Kalimah sumeler : kalimah nu diwangun ku hiji klausa bébas, jeung sakurang-kurangna hiji klausa kauger. Contona: Basa kuring datang, manéhna euweuh di imah.


Referensi :

Kuswari, Usep & Hernawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Recent Post